Panguji : "Ayeuna giliran regu A, Domba kaasup sato mamalia, oray kaasup reptilia, ari munding edan kaasup kana sato naon?
Regu A : "Mamalia"
Panguji : "Salah, Munding edan kaasup sato ngabahayakeun.
Ayeuna regu B. Mobil maju make bensin, lauk ngambekannana make asang, Ari jalma nginum obat make naon?
Regu B : "Make sendok".
Penguji : "Salah, Jalma nginum obat batuk make aturan.
Ayeuna regu C. Naon sababna Pangeran Diponegoro bisa ditangkep ku tentara Walanda?
Regu C : "Sabab dilicikan."
Panguji : "Salah, Pangeran Diponegoro bisa ditangkep ku tentara Walanda sabab geus tepi kana takdirna."
Roy Marten
Dina kareta api, Bandung- Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten we, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy marten tea?
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned, " tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui. "Leres iyeu Encep teh sanes Roy Marten?"
"Enya atuh Nini," Tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini," naha nya encep mah teu siga Roy Marten."
Sakalian jeung gorengan nana
Aya haji bogaeun balong lega pisan. Ari laukna pohara lobana. Eta wae upama diparab teh, sirikna lauk rajol nyanggutan parab.
"Istimewa lauk dina balong Pa Haji mah," ceuk nu boga eta balong dina hiji poe ka badegana, " Upama diparab, komo mun diparab ku leupeut mah, lauk teh rajol parebut
leupeut,"
Kabeneran aya semah hayang nempo lobana lauk.
"Ih, gampil Geura nya urang alungan leupeut. Geura tuh nya, lauk teh teu sirikna rajol parebut leupeut,"
Isukna aya deui semah hayang nempo lobana lauk. "Ah gampang, Cing mana leupeutna. Geura tuh nya, lauk teh sakitu ngaliudna harayangeun leupeut."
Isukna deui aya semah hayang nempo lobana lauk. Ku Pa Haji eta balong teh dialungan leupeut. Tapi tara ti sasari, lauk teh teu daek ngambul. Lung deui leupeut, weleh teu
aya anu nyenghap.
"Geuning nya tara-tara ti sasari, lauk teh euweuh anu ngambul," Ceuk Pa Haji kukulutus.
Teu kanyahoan ari lol teh lauk gede pisang nyeunghay dina beungeut cai. Eta lauk teh ngomong tarik pisan ; "Pak Haji, atuh ngalungan leupeut teh sakantenan sareng gorengannana.
Salah Nyambat
Geus jadi kabiasaaan, lantaran hayang dialungan duit, sinden teh sok nyambat pajabat. Aya saurang sinden Danramil, tapi salah motong lagu, Pokna teh " Indone mah Bapa Danramil. sia merdeka.
Empal balik plastik
Iding : " Dina jaman canggih mah, tambang pelastik oge bisa diempal."
Odang: "Asa kakaraeun teuing, bet piraku tambang pelastik bisa diempal."
Iding : "Ceuk dewek bisa, bisa. Yeuh sadiakeun daging sapi jeung samara sapuratina. Daging sapi dikeureutan, terus digebruskeun kana godogan samara. Kades sing
apik ngucak-ngacekna, bisi katutungan. Yakin hasilna bakal jadi empal anu pedo."
Odang : "Ari tambang plastikna dikumahakeun?"
Iding : "Apan keur ngaborogod leungeun silaing, da bisi nyoro empal dewek.!"