TUKANG CELEP DIGANTUNG
Jaman baheula ieu mah, jeung teuing di nagara mana kajadian nana oge. Aya garong rek ngabongkar imah. Bet ninggang di naas, manehna katinggang kusen jandela, tepi ka maotna. Ahli warisna mengadu ka hakim, sabab ngarasa dirugikeun ku anu boga imah anu rek digarong tea.
Hakim buru-buru manggil anu boga imah.
"Kunaon silaing masangkeun kusen teh meuni lelewodeh?"
Tuh tenjo akibatna, garong rek asup ka imah maneh tepi ka paeh.!"
Tong ngalepatkeun abdi juragan hakim, pan miwarangna tukang kayu abi masangkeun kusen teh," ceuk anu boga imah.
"Teang Tukang Kayu-na" ceuk hakim.
Tukang Kayu teh geus ngajagrag hareupeun hakim.
"Kunaon silaing masangkeun kusen teh meuni lalawodeh?"
"Rumaos lepat abdi teh, Juragan Hakim. Harita abi kagoda ku hiji istri anu nganggo acuk hejo, anu ngalangkung ka payuneun pisan, waktos nuju masangkeun kusen tea, " Tembal tukang kayu.
"Teang awewe anu make baju hejo.!" ceuk hakim
Awewe anu dimaksud geus aya hareupeun hakim.
"Kunaon maneh make baju hejo, tepi ka tukang kayu jadi kaganggu? "
Anu lepat mah sanes abdi, Juragan Hakim, tapi tukang celep," tembal si awewe.
" Naha bet nyalahkeun tukang celep?"
Apan abi hoyong nyelep eta acuk teh ku warna koneng, tapi naha tukang celep teh bet nyanyahoanan, jadi warna hejo, " Tembalna deui.
"Teang tukang celep.!"
Teu hese. Poe eta keneh tukang celep geus dijagragkeun di hareupeun hakim.
"Kunaon silaing bet nyelep ku warna hejo, apan pamenta anu boga hayang ku warna koneng?"
Tukang celep ngabigeu. Manehna teu bisa ngasongkeun alesan.
"Hayoh, jawab.!" Naha bet dicelep ku warna hejo?" Hakim morongos.
Ngabigeu wae keneh.
"Trok,Trok,Trok.! Hakim ngetrokeun palu " Hutang uyah, dibayar ku uyah, Hutang nyawa, dibayar ku nyawa. Logojo bawa ieu tukang celep ka tihang gantungan.!"
Gancangna carita, tukang celep dibawa kaluar ku logojo ngurunyung deui, nyampeurkeun hakim.
"Juragan Hakim, teu tiasa digantung tukang celep teh."
"Naha?" Hakim nanya bari nyureng.
"Jalmina jangkung teuing," Tembal logojo.
Hakim kacida ambekna, pokna " Ari silaing, naha bet bodo-bodo teuing, .! teangan tukang celep anu pendek.!" hee
MEULI KORAN
"Cing pangmeulikeun koran Harian Tarompet ka parapatan.!"
Ceuk Pa Duduh ka Jongosna. " Tawar we ku maneh hargana mah, biasana saratus perak oge sok dibikeun ari geus weuyah beurang kieu mah. Tapi, bisi keukeuh kudu saratus lima puluh mah, beuli we, tah ieu duitna dua ratus".
Teu kungsi lila, jongosna geus norojol, terus masrahkeun koran ka Pa Duduh pokna, "Dipasihkeun ditawis saratus teh, Gan. Anu mawi abdi tiasa meser dua." he
GIGI HIJI
Mang Adung kakara boga motor, Can wanieun jauh tumpakna oge, da diajar keneh. Harita oge keur geugeuleuyeungan, ngurilingan alun-alun.
"Ulah haben dina gigi hiji atuh, Mang,. Operkeun kana gigi dua.!" Ceuk Jang Yayat.
"Ah, silaing mah sok ngabarohongkeun.! Naha make dioper kana gigi dua, pan gigi hiji oge kuateun keneh.! " Tembalna.
BIMA NGAPUNG
Lalakon keur meujeuhna rame, anu lalajo surak eak-eakan.
Ki Dalang keur ceg nyekel Bima, " Raden Bima ngapung, ngaw..."
Ras manehna inget yen Bima mah teu bisaeun ngapung. Tapi kusabab geus kagok pok, nya diteruskeun wae, " Raden Bima ngapung ngaw....ngawani-wani maneh,,," he