MAYAR HASEUP SATE
Lantaran lapar, wae Asep Dodoy asup ka jongko tukang sate. "Pangmeuleumkeun sapuluh.!"
pokna bari gek diuk. Sabot sate di beuleum, haseupna meuni meleber, kaambeu seungit. Dumadakan rasa lapar leungit.
"Mang, moal satena oge da geuning ku ngambeu seungitna oge geus seubeuh." pokna bari ngaleos.
"Ih kehela. Bayar heula atuh, "Ceuk tukang sate.
"Naha? Pan teu tulus daharna oge.!"
"Enya, pan seungitna geus kassesep. Jadi angger wae kudu mayar."
"Heug atuh, " Omong Asep Dodoy bari ngodok saku. Manehna nyokot duit kencring sababaraha siki, terus diburulukeun kana piring kosong, Atuh puguh wae sorana meuni harus, " Tah, dibayar ku sorana.!" ceuk manehna bari ngasupkeun deui duit kana saku_na, hehe
JURKAM PIDATO :
ngarana oge kampanye, pidato teh kudu bari sumanget. Kawas harita wae, waktu Bapa Jurkam keur daria naker pidato bari pepeta.
"Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil pangwangunan ku urang geus karasa. Jalan laleucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik dug-deg dimana-mana, kayaning pabrik mobil, pesawat, pabrik kapal, sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil,,,
"Pa, kirang es," Ceuk Asistenna, ngaharewos. Maksudna lain tektil tapi tekstil.
"Oh enya, ceuk Bapa Jurkam, " jeung pabrik es deuih." he
DILOKIR
mANG duleh, dilembur kuring mah moal aya duana. Kawentar tukang catur. Tiada hari tanpa catur. Kitu motto hirupna oge.
Dina hiji sore, manehna lalajo maen ball, ngabobotohan kasawelasan ti desa. Geblus gawang kasawelasan anu dibobotohannana kaasupan bal. Hiji enol.!
Deregdeg wae Mang Duleh nyampeurkeun palatih, terus nyarita : "Salah atuh pa pelatih, kuduna kiper teh dilokir jeung bek." hehe
KONDEKTUR
Kondektur kahot Mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah digawena dina beusna. Bab ongkos, timana jeung kamana, ku manehna geus katalar pisan.
" Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung di hareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan, mobil cekelan nana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.
"Rek kamana.? Mang obing nanya.
"Ka Kadungora," Tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun bari pokna, "Tujuh Ratus, di saruakeun jeung ongkos ka Garut." he
"Ari Emang, naon ieu teh?"
"Aeh, heueuh, rarasaan teh keur dina beus," Tembal mang Obing ngelemes.