MIHAPE KUDA
Kusir : " Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah, alim, sieun nyogot."
Kusir : " Sieun nyepak atuh."
Budak : "Tara deuih, Kuda bageur."
Kusir : "Tara deuih, kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, si ujang mah. Moal kabur, moal ceuk emang oge, kuda bageur.
BUdak :"Ari kitu mah, naha atuh miwarang ditungguan ku abdi?".
HUMOR MAKE NOMER
Aya hiji keluarga anu kacida resepna kana humor. Koleksi humorna geus kacida lobana, jeunhg deuih sarerea arapal kana eusina. Ngarah henteu barabe, kabeh humor aya dina koleksina teh make nomer. Cukup nyebutkeun nomerna wungkul, pasti sarerea bakal seuri.
Bapana, "Nomer 63"
Ger, sarerea seuri da geus apal, kumaha eusina eta humor.
Indungna, "Ibu mah bade nomer 18, da."
Calakatak deui sareuri nepi ka eak-eakan.
Minantuna, "Kumaha upami nomer 35?."
Barakatak mani tepi ka rareumbay cimata.
Ngan incuna anu teu ngartieun teh, bubuahan can sakola. Manehna ngan puluhak-polohok wae gawena teh. Tapi teu burung ari milu nyarita mah,"Nomer 14"
"Naon?" bapana nyereng.
"Nomer 14," walon eta budak.
Ngan cepret wae disintreuk ceulina, tepi ka eta budak teh ceurik.
Sihoreng, humor nomer 14 teh humor cawokah kacida.
DONGENG PROFESOR
Aya profesor duaan keur ngarobrol di peron. Bubuhan jeung anu saprofesi, uplek pisan ngobrolna teh, tepi ka teu kanyahoan kareta tereh tepi.
"Itu, kareta geus maju.!" ceuk anu saurang.
Deregdeg lalumpatan, ngudag kareta abu geus maju lalaunan anu saurang deui bisaeun keneh naek, tapi anu saurang deui tinggaleun, da kurang kesit, luncatna kana bordes.
Demi anu tinggaleun tea, gawena teh ngan ngahuhuleng wae, bangun kacida bingungna. Gancang wae disampeurkeun ku pagawe, setatsion.
"Teu kedah bingung teuing, Bapa pan sajam deui oge bakal aya kareta anu mios ti dieu, kalawan tujuannana samu sareng kareta anu nembe,"ceuk pagawe setatsion.
"Anu dipake bingung ku Bapa mah eta, da Bapa anu rek nyabana. Sedeng babaturan Bapa mah ukur nganteur ka setatsion."Tembalna.
KARCIS BIOSKOP
Aya jalma beunghar, ngan kacida dusunna, bubuhan tara pisan nyaba ka kota. Hiji poe, manehna indit ka kota sosoranganan. Hayang lalajo bioskop, cenah.
Incig, incig, blus wae asup ka lawang. Tangtu wae dipegatan ku portir.
"Bapa kedah meser heula karcis, " Ceuk portir bari nuduhkeun tempatna.
Meuli wae hiji.
Barang rek bus, karcisna dipenta ku portir, terus disoehkeun. Manehna ngahuleng. Naha bet disoehkeun?
Leos deui ka loket, Meuli deui karcis hiji,
Song diasongkeun, ka portir, berewek deui disoehkeun.
Ituh, ituh, naha asa teu kaharti. Kapan karcisna teh meunang meuli, tapi naha bet disoehkeun. Ngan heunteu ari dikedalkeun mah, ukur nyarita di jero hatena.
Leos deui ka loket. Dua ayeunamah meuli karcisna oge, anu hiji mah disakuan.
Song deui dibikeun, Berewek disoehkeun.
"Weyah, bae disoehkeun hiji mah, da ieu aya hiji deui dina saku," omongna dina jero hate.
SALIWANG
Saliwang 1 : "Sabaraha yeuh meuli domba?" pokna ngagorowok ka nu ngalalar nuntun domba.
Saliwang II : "Ti Pasar!" tembalna males nyorowok.
Saliwang I : "Murah wae sakitu mah ! "