Berikut ini adalah Cerita lucu sunda yang dalam bahasa sunda terkenal dengan Guguyon Sunda, berikut cuplikannya sahabat :
Ngeker Bentang
Deddy : " Asa teu pati eces bentang teh, jauh teuing."
Maman : " Cing cobaan atuh bari naek kana korsi, ngarah rada ngadeukeutan meueusan."
DAMRI
Anak : " Pa ari DAMRI teh singketan tina Dorong aing Mun Rek Indit?
Bapa : " Is, eta mah baheula, jaman mobilna bararutut keneh."
Neguh Umur Supir
A : " Cing teguh ku silaing. Lamun beus Rahayu anu nomer Platna D 678 WR, Indit ti Bandung ka Jakarta kalawan gancangna rata-rata 60 KM perjam, sarta meakeun solar saratus liter, sabaraha tahun umur supirna?
B : " Ah, silaing mah lieur ngasongkeun pertanyaan teh. Rek kumaha bisa neguhna atuh.!
A :" Ceuk dewek mah bisa kateguh ."
B :" Sabaraha tahun atuh umurna ? "
A : " 42 Tahun ".
B. : Naha.?
A : Apanan supirna teh lanceuk dewek. "
DIAMPUTASI SUKU
Dokter : " Aaya dua wartos anu bade didugikeun ka Bapa, Anu Kahiji wartos pikabungaheun, anu hiji deui wartos anu pikasediheun . Bapa bade ngupingkeun anu mana heula ?
Pasen : " Abdi mah hoyong anu pikasediheun heula, Dok."
Dokter : " Sampean Bapa kedah diamputasi, Maksadna kedah dipotong duanana semet tuur."
Pasen : " Ya Alloh .! Teu tiasa ku Tarekah anu sanes anu langkung ringan ?
Dokter : Teu tiasa ?
Pasen : " Dupi wartos pikabungaheun nana Kumaha, Dok?
Dokter : " Sapatu kagungan Bapa bade dipeser ku pembantu simkuring."
ABDI OGE SAMI CINTA
Teu kaharti, ceuk Herman dina jero hatena. Eta, ngabandungan polah pamajikannana anu teu hideng wae kana tugas sapopoena. Imah barala, teu ieuh hayang sasapu. kumbaheun patulayah, seuseuheun nambru, koran urut maca pabalatak.
Lain teu hayang ambek, ngan Herman teh kakara sabulan dirapalan. Goreng kasebutna lamun panganten anyar geus pasea.
Gura-gero Pamajikan teu nembalan. Gidig wae kana ruang makan, maksudna rek dahar sorangan.
Barang bray muka lomari makan, tetela euweuh dahareun sapotong-sapotong acan. Ret kana meja makan. Ukur aaya piring lodor kosong anu pinuh ku kekebul. Teuing geus sabaraha poe teu dielapannana oge.
Lodor kosong teh terus wae ditulisan, ku tungtung curuk unina, " Akang cinta ka Eneng."
Keun siah, sugan we kahartieun. Bakat ku pinuh kekebul, lodor oge tepi ka ditulisan.
Herman ngaleos, Manehna yakin, lamun pamajikan nana balik, sarta maca eta tulisan, tangtu bakal ngarasa dirina salah.
Barang balik deui ka Imahna, anu pangheulana teh Herman asup ka ruang makan, rek ngabandungan kumaha hasil pamolah pamajikannana.
Rek kana lodor. Angger keneh kosong, angger keneh pinuh ku kekebul. Ngan bedana teh di handapna aya tulisan anyar, anu meunang pamajikan nana. Unina "Abi oge sami cinta." galakgak,,,,he