Berikut ini adalah kumpulan cerita sunda lucu atau dalam bahasa sundan nya yaitu dongeng bahasa sunda, berikut ceritanya, selamat membaca pembaca yang budiman :)
BEAK PIOMONGEUN.
Aya randa kadua budakna ngojay di kolam renag. Teu jauh ti maranehannana, aya lalaki kasep kumisan, sarua keur ngojay. Budak teh tuluy nyampeurkeun ka eta lalaki.
Budak :"Om, tos lami ngojayna?"
Lalaki : "Ah, nembe pisan."
Budak :" Ari Om kagungan putra?"
Lalaki :" Heunteu kasep.!"
Budak :"Dupi istri Om nuju kamana?"
Lalaki :"Om, teu gaduh istri, istri om tos maot."
Budak ngahuleng, ngalieuk ka indungna, tuluy ngagorowok "Mamah kedah naros naon deui?". he
SAREREA MINUM BAYGON
Ilaharna poean lebaran, loba jalma ngadon nyekar ka kuburan. Kasampak aya lalaki tengah tuwur keur nyeungceurikan tilu kuburan. Rengse ceurik dina kuburan anu hiji, terus pindah ka kuburan anu sejenna.
Lantaran harta dikuburan keur loba jalma. atuh nempo pamolah eta lalaki teh jadi loba jalma anu panasaran.
"Manawi teu kaabotan, dupi eta kuburan anu tilu teh kuburan saha, geuning sadayana diceungceurikan?" ceuk salah saurang jalma anu panasaraneun.
"Euh, anu ieu mah kuburan pun bojo. Sapuluh tahun katukang tilarna teh ngaleueut baygon. tembalna.
"Dupi ieu kuburan nu kadua?"
"Ieu, oge sami kuburan pun bojo keneh. Lima tahun kapengker tilar ti dunya na teh sami ngaleueut baygon."
"Dupi anu iyeu kuburan putrana, nya?"
"His, sanes. Ieu oge sami kuburan pun bojo. Nembe satahun maotna teh kenging musibat, tulang tangkorakna bencar,"
"Euleuh, euleuh geuning ngangge bencar sagala. Panginten tabrakan waktos tunggang motor?"
"His, sanes. Bencar tulang tangkorakna teh wireh ku simkuring dibabuk ku linggis, da bongan nolak nginum baygon." hehe
NGAHAKAN SAPATU
Aya tukang sol sapatu keur ninggang di sue. Ti Isuk nepi ka sore henteu meunang duit pisan. Keur kitu jol awewe bari lunggak-linggek gumelisna. Pokna, "Mang, kersa ngahakan sapatu abdi?"
"Ah, lebok we ku sia." tembalna teugeug.
SUPADOS YAKIN
Salah saurang peserta ujian gawena ngan milangan kancing. Ku pengawas ditanya.
Pengawas : "Keur naon maneh make milangan kancing?"
Peserta : "Sesah pak jawaban nana.! Ari milangan kancing mah rada gampil ngeusiannana."
Leos we eta pengawas nguriling, ngawaskeun nu sejenna. Kira-kira lima welas menit deui kana waktuna beak, eta pengawas teh ngadeukeutan peserta anu tadi tea, lantaran ketnjo keur ngadekul keneh milangan kancing.
"Pengawas : "Geus rengse?"
Peserta : "Parantos Pa.!
Pengawas: "Geuning eta milangan kancing keneh?"
Peserta :"Apan nuju ngoreksi," hehe
CALON SARJANA
Calon sarjana basa sunda dina ujian sidangna ditanya ku dosen pengujina.
"Cing naon lemesna ari susu?"
Teu pira pananya teh, ngan bubuhan si calon sarjana geus puyeng da ti tatadi rea sual anu teu kajawab, atuh manehna ngarasa hese ngajawabna. Ku sabab nu nguji jengkel, gebrag weh meja digebrag tarik naker.
"Kadenge henteu? Naon ari lemesna susu?" nu nguji morongos.
"Enen manawi.!" tembal calon sarjana asa-asa. hehe
PARIBASA AHENG
Dina hiji seminar nasional anu ku wawakil ti saban seler bangsa, aya urang Batak nanya perkara urang sunda lamun boga pamadegan nana sok pengkuh.
"Yang menyebabkannya," Tembal wawakil ti Jawa Barat.
"orang sunda itu punya satu pribahasa yang berbunyi unggut kelindu-lindu, tidak gedag keangin-angin.
RACUN
Sabada pasea rongkah, salakina indit ti imah, maksud rek jalan-jalan ngabangbrangkeun pikir. Sajam kira-kira manehna kaluar ti imah teh. Barang geus balik deui ka imah, manehna darehdeh naker nanya ka pamajikannana.
"Eulis, bade masak naon kanggo neda engke sonten?"
"Racun.!" tembal pamajikannana baketut.
"Oh, upami kitu mah nyayogikeun kanggo saurangeun we, Akang neda diluar.!"