Berikut ini adalah cerita sunda lucu atau dalam istilah sunda dikenal dengan istilah dongeng bahasa sunda, dimana dongeng sering menjadi icon atau kesukaan anak-anak yang didengarkan pada saat belajar, bersantai, bahkan ketika mereka hendak tidur, berikut adalah dongeng bahasa sunda, selamat membaca :)
IMAH TEU MAKE DAPUR
A : "Gajih teh najan terus undak. Tapi keukueh wae teu pimahieun.
B: "Naha?"
A: "Kana resiko dapur gegedena teh."
"Ruag geura dapurna. Yakin moal aya resiko dapur". hehe
VOLVO = BEMO
Teuing poho, teuing rusuh, anu jelas mah sabalikna ti WC, calana bapak direktur teu diseletingkeun. Kabeneran katenjoeun ku sekretarisna. Tapi lamu langsung dibejaan, sieun dunungan nana kaisinan. Untung wae manggih akal. Dibejaan kuu cara dibalibirkeun.
"Bapa, eta panto garasi muka," pokna.
"Ah, ceuk saha? Ti tatadi oge panto garasi mah geus ditutupkeun." walon dunungan nana. Manehna teu ngartieun kana maksud ucapan sekretarisna.
Waktu balik ka imah, calana anu can diseletingkeun deui teh katenjoeun ku pamajikannana.
"Bapa, naha eta teu karaos lancingan teh teu acan diseletingkeun?"
"Aeh, heuleuh geuning," tembalna. Ras wae inget, tangtu tadi sekretarisna nyebutkeun panto garasi muka teh kana seleting calana maksudna mah.
Isukna, buru-buru Bapak direktur ngageroan sekretarisna. Pokna,"Lain eneng, basa kamari panto garasi muka teh, Eneng ningal Volvo henteu?"
"Ah, henteu tembal sekretarisna."ningal oge bemo." hehe
TUKANG PASEA
Dina poe lebaran, sakumaha ilaharna salaki jeung pamajikan silih penta hampura.
Pamjikan :"Kang, abi nyuhunkeun dihapunten tina sagala rupi kalepatan. Rumaos sok wawantunan ka Akang, "cenah bari ngingsreuk.
Salaki :"Lain Nyai nu loba salah mah, tapi Akang."Hampura akan rumasa Akang henteu bisa nyugemakeun Nyai.!"
Pamajikan : "Sanes lepat Akang,eta mah lepat abdi, sok seueur pamenta."
Salaki :: "Lain, lain Nyai, akang anu salah mah."
Pamajikan : "Abdi, akang,!"
Salaki :"Sidik akang.!"
Pamajikan : "Abdi.!"
Salaki :"Hih, bet hayang meunang sorangan? Dewek nu salah mah.!"
Pamajikan kasundut milu ambek: "Aing, anu salah mah lain sia.!"
Salaki : "Dewek monyong,cungir sia.!"
Kerewek baju salakina dijambret. Barang pamajikannana rek nyakar, salakina leuwih ti heula ngagampleng tepi ka pamajikannana ngabangkieung. hehe
DI ROHANGAN PAMERAN LUKISAN
Di rohangan pameran lukisan, aya hiji ibu pejabat keur ngilikan lukisan anu dipajang. Teuing ku loba tatanya bari ceugikan pisan.
"Lukisan naon ieu teh, mani teu pararuguh kieu?
"Lukisan abstrak," tembal panitia.
"Ari ieu naon, gambar jelema teh siga bola pakusut?"
"Lukisan aliran ekspresionisme eta mah bu."
Leos deui ka tempat sejen bari hantem tatatnya.
"Tah, tah..... ari ieu lukisan naon? Lukisan bapaw atawa babarongan?
"Eta mah sanes lukisan bu, tapi kaca eunteung." tembal panitia deui. hehe
BAH JAGO JEUNG AC
Bah Jago kakara pisan dibawa ka kota ku anakna. Bus maranehan nana asup ka hiji pusat perbelanjaan.
"Heit,... tong heureuy ka dewek siah.!" bari pasang kuda-kuda cimande, matana ngadadak buringas."Make wani tiup-tiup siah.!"
"Eta mah AC Bah, sanes nanaon," Walon anakna.
"Ah, teu paduli Si Ase paduli si Kibin.! Wani-wani heureuy ka dewek mah dibeuli siah.!"