Kumpulan cerita sunda 6


 gambar orang lagi dengerin musik


Berikut ini adalah kumpulan cerita sunda lucu atau dalam bahasa sundan nya yaitu dongeng bahasa sunda, berikut ceritanya, selamat membaca pembaca yang budiman :)

PAMALI NYEBUT EUWEUH
Urang Cina pamali nyebut euweuh teh. Lamun jalma anu nanyakeun hiji barang ka tokona, bari kabeneran eta barangna stokna geus beak, manehna moal nyebatkeun "euweuh" tapi kadon ngasongkeun barang anu sejen bari ngomong, "Kumaha mun ieu?"
Dina hiji waktu aya turis awewe datang ka toko Cina, Ari anu ditanyakeun ku eta jalma (turis) teh nyaeta tisu. Kawasna lain keur nyusut beungeut, da sidik eta turis teh keur nyekel sapu tangan.
Kulantaran tisu teh kabeneran euweuh, nu boga toko ngasongkeun barang anu sejen.
"Kumaha lamun iyeu?" Ceuk si engko bari ngasongkeun hampelas kai, Ceuk pikiran si Engko mah tisu teh sarua jeung hampelas kai, da pedah papada dijieunna tina keretas. hehe

BABAH NGADENGEKEUN TEMBANG
Dina hiji riungan mamaos, aya babah milu ngabandungan Manehna mani dengo-dengo wae kana acapi indung. Sabot kitu, katenjo panonna rambisak bari ingsreuk-ingsreukan, Atuh teu wudu jadi perhatian, dumeh eta babah siga ngangres kacida.
Tuh geuning, babah oge milu sedih ngedenge tembang mah. Kitu ceuk anggapan anu haladir dina eta riungan.
"Jigana Engko sedih pisan matak ceurik oge nya?" salah saurang anu hadir nanya, dina waktu geus lekasan mamaos.
"Oweh mah cimataan soteh lain sedih, " omongna.
"Naha kunaon kitu?"
"Aya kawat kacapi pegat, terus ngajeplet kana mata oweh," Tembalna.

SI ONA KAGARONGAN
Si ona lapor polisi, dumeh manehna peuting tokona aya anu ngabongkar. Eusina kabeh dikerid ku garong anu cenah, jumlahna lobaan. 
"Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod," Pokna bari pepeta, Maksudna mah, salakina ditalian, sarta anakna diborogod ku garong.
"Ari Ona dikumahakeun? pulisi nanya.
Si Ona kalah ngabigeu, bari ulluman-alimen.
"Ona dikumahakeun ku garong teh?" pulisi sejen milu nanya.
"Si Engkoh ditaliang, Si Otong diwologod..."
"Enya, eta mah pan si Engkoh jeung Si Otong Ieu mah Ona dikumahakeun?"
"Ah, Embung ela,",,  tembalna.

ANU LAPOR KABANGSATAN
Mang Sukria kabangsatan. Harta bandana loba anu dikerid. "Manehna buru-buru lapor ka lurah.
"Pa, Bangsat, Pa Bangsat, abdi kalurahan. Ngalangkung kana radio, jandelana dijinjing. Eta deuih, semur jengkol kosong, ari tetenongna didalahar. Barang dipilari ka pipir, tambang leungit, ari dombana nyampay."

LAUK MEUNANG NGUSEUP.
Undang : "Kuring mah pengteubeukina lauk meunang nguseup."
Agus : "Naha? Pedah eupanna ku cacing?"
Undang : "Ah, lain Teu beuki wae lauk meunang nguseup mah. mun meunang ngagoreng, meunang mais, atawa meunang meuleum mah beuki. hehe

HAYANG TATANGGANA
Pamajikan : "Boga salaki teh ngan buad-baeud wae.! sugan kudu dibere bujur.!"
Salaki : "Hayang tatanggana, deuleu.!"

IMAH TEU MAKE DAPUR
A.: "Gajih teh najan terus undak, tapi keukeuh wae teu pimahieun"
B: "Naha?"
A : "Kana resiko dapur gegedena teh."
B : "Ruang geura dapurna. Yakin, moal aya resiko dapur."